Abah Yaksa #part I

Abah Yaksa #part I


Hiji mangsa kacaritakeun aya jalma nu katelah Abah Yaksa. Teuing kumaha caritana éta jalma beut disebut yaksa, padahal nalika di tilikan awakna mah teu kaciri rék piwijaksanaeun. Ceuk béja mah éta jalam di babarkeun poé Rebo dina mangsa tujuh welas Agustusan. Sabaraha poé ti babarna éta jalma, ramana, nu kagungan wasta Sudra maparin jeneng Surup ka manéhna. Lain teu alesan bapana maparin jeneng Surup ka éta budak. Sudra geus ngetrukeun tarékah pikeun néang wasta nu cocog, malahan Sudra geus malakiahan ka dukun néang ngaran nu sapagodos jeung poé mangsa dilahirkeun éta budak. Mangka teu kungsi lila ti borojolna budak tina gua garba ibuna, Sudra maparin wasta Surup. Alesannana surup téh mangrupkeun ngaran nu kacida éndahna, salian ti éta surupp ogé biasa di larapkeun ka panon poé nu geus warna konéng wangkid (kira-kira) jam genep soréan. Surup ogé dilarapkeun ka sakurna perkara nu asup kanu perkara lain, contona ruh nu surup dina raga. Harepan Sudra yén budakna bakal pijadieun jalam suksés, alatan sakabéh pangaweruh, pangabisa, jeung kahadéan bakal nyurup dina diri manéhna.

Ayeuna Surup geus nincak umur nu ka duapuluhlimana. Manéhna hirup ngumbara ti mimiti umur lima welas, alatan ramana (Sudra) nitah indit sajauhna pikeun nyiar élmu pangaweruh. Geus lima welas taun Surup nyukcruk jalan pikeun nyiar élmu. Ti mimiti nyakola di Paguyuban, tug nepi ka guguru ka tukang tapa. Salila hirup, Surup ngarasakeun pirang-pirang kasedih, utamana susahna nyiar kadaharan. Harita, teu béda jauh jeung jaman Orba taun 1998, nalika sagala rupa serba mahal, sahingga di sebut krisis moneter. Surup hirup saayana, can kungsi kacaritakeun manéhna dahar di tempat ahéng, tur tuang kadaharan nu mahal. Mangsa jalama beunghar ngagunakeun kudana pikeun indit kamamana, Surup mah ngagunakeun sukuna. Kamamana tara maké sandal, lain kunanaon, da puguh teu boga duit pikeun meulina. Tong boraah sendal, kadaharan ogé sapinggih, sapanimuna. Mun harita jalma-jalma disibukkeun ku perkara individual, timimiti raksukkan tug nepikeun ka kandaraan kudu alus, Surup mah saayana, kadang manéhna make baju nu angger salila tilu minggu, da puguh baju gé meunang hasil baramaén. Surup leuwih mirip jeung Sokratés nu di caritakeun ku Xenophon. Sokratés teu lewih mentingkeun hadéna raksukan batan hirup wijaksana. Sakabéh hirupna, Sokratés ngetrukeun tarékah pikeun nyiar kawijaksanaan.

Dina umur nu kawilang ngora, Surup di telahan ngaran Abah Yaksa. Dina hiji carita nu can dipaluruh mah, Surup di paparin gelar Abah Yaksa téh, alatan kawijaksanaanana. Jeung ceuk hiji béja ogé, Surup di telahan Abah Yaksa alatan manéhna kungsi jadi jaksa nu nungtut jalma di pangadilan. Mangka singsaha baé anu nampi warta ti manusa, wajib pikeun manéhna maluruh benerna warta éta. Tapi, nalika maluruh jeung nyukcruk carita Surup, kacida héséna, sahingga versi-versi éta can di anggap bener ayana. Tapi nu jelas, Surup di paparin laqab Abah Yaksa, kusabab nyokot tina kalimah wijaksana, nyaéta jaksa. Kadang mah, di bahasa jawa, hurup “j’ sok di larapkeun kana hurup “y’, sahingga jaksa, jadi yaksa. Tah ti mimiti harita meureun cukang lantaran Surup di sebut Abah Yaksa téh.



share this article to: Facebook Twitter Google+ Linkedin Technorati Digg
Posted by Unknown, Published at 12.15 and have 0 komentar

Tidak ada komentar:

Posting Komentar