Mapaés Harta

Mapaés Harta


Alatan musibah tur kasusah, manusa rajeun humandeuar luhlah. Kayaning kanalangsaan nu nyorang raga jeung athma. Manusa sok geueum jeung sieun tepung jeung kasusah, nu diharep téh sok hayang bungahna. Genah betah, bari nangunjar di juru imah. Teu apal kumaha cara ngoréh duitna. Padahal, mun dideudeul ku temen wekel, bari dibarung kuhadé gawé, moal burung bagja.

Endag mangsa wanoh jeung urusan anyar. Ngageber wangkid tinemu kasieun. Marojéngja ku saniskara pameredih hirup nu baris narajang jaman. Salempang jeung melang, sok sieun rénghap ranjung nandang karingrang dunya. Nu dierong téh duit jeung duit waé.

Ngajugjug ti mana waé jolna harta, malah wani nipu, ngorupsi duit rahayat. Kadang nepi ka judina,ngadekul sapeuting jeput, nyekel kartu gapléh dina ramo bari duit ditampeukeun. Tapi ngajulaeu mangsa teu bisa sugih mukti. Hanjelu alatan teu jugala.

Lugina nu diimpleng sok ngabangbalérkeun kaayaan nu tétéla. Padahal munseug diilik-ditalungtik, kabungah téh aya, sidéang gédéngeun kasedih, sabab ngadagoan nu ngalenyepannana. Humandeuar sot téh katutup ku sifat mentegegna. Wangkid ditelekkan-dipikiran, manahoréng hirup téh kacida pisan genahna. Mubyar ti cahya Pangéran nu nyaangan manah. Medengkel kana hirup, disuaykeun sangkan tinemu jeung kabagjaan.

Da lubak-libuk duit gé can tangtu tumaninah. Hamo senang munseug teu dilenyepan. Senang jeung bagja mah naon nu ébréh dina haté, nyangkaruk dina kalbu, jeung najungkiring dina pikir. Kumaha urang nyinghareupannana. Panan ciri bajga mah lain dina harta (duitna), tapi dina haténa.

Kanjeng Rasul kantos gugunem sareng para Shahabat. Saur anjeunna:
“Saenyana Allah mah teu ningal kana waruga jeung rupana, tapi Mantenna baris ningal kana naon nu aya di jéro manah aranjeun sadaya (haté).”

Waruga jeung waragad moal nangtukeun hirup manusa, kitu cindekna mah. Lain hartina urang tong kasab nyiar harta, dalah Pangéran gé meredih pikeun merhatikeun hirup di alam dunya, tapi kudu pinter-pinter ngaraksana! Manahoréng, waktu ngalenyepan kasauran éta, sapadamayan, nu muyungkud teu nguyung. Nu moyongkod, baris halon.









*Mangga, disuhunkeun paninggal kalih paniténna!



share this article to: Facebook Twitter Google+ Linkedin Technorati Digg
Posted by Unknown, Published at 12.26 and have 0 komentar

Tidak ada komentar:

Posting Komentar