Antara Pandawa jeung Kurawa
Ceuk béja, Pandawa téh lahir ti guha garba indung nu saliang. Éta indung ngaburustkeun lima manusa, lalaki sadaya. Lima manusa nu boga telah yatna jatnika, wacis jeung luhung élmuna wangkid geus jebrog umurna. Kabinékasanana katempo dina mulya jeung ajénna.
Barabat, mangsa harita kénéh, di tempat dumuk nu lian, 100 buta tuturubun nyungkun hirup, lahir tina awak nu sarua. Buta-buta éta diwastaan Kurawa. Cenah, nalika buta-buta éta jebrog, bakal karoohan, beuki dahar, turta kakawasaan.
Jalma-jalma di LPIK téh mangrupa adonan nu bahanna tina Pandawa jeung Kurawa. Munseug nénjo kadaharan, reuteum jalma-jalmana siga nu can baranghasan salila lima taun lilana. Rékép ku rupa-rupa napsu. Napsu baranghakan kadaharan. Sapopoéna diwewelan kopi hideung nu liket, dicampuran cai atah can asak jeung udud Djarum Coklat. Poho ngasupkeun réméh kanu baham. Ngabalukarkeun, mun nempo sangu téh lir kuda nu hésé hanjat ti pamandian, hésé pukah, anteng jeung daharna. Mancat malar beuteung kaeusi. Tah éta pisan nu ditiru tur digugu ti Kurawa téh, tuangna “Naudzu billah, ya, sesuatu!” Mung omat, tong disaruakeun jeung Kurawa sajugruganana. Bungkeuleukanana ogé pasti béda, mana komo napsu kana kakuasaan mah. LPIK kawilang nu tara ngambeu, ngangseu pulitik jeung politik. Panan kitu, pulitik mah nipu kanu leutik. Politik mah poho kanu leutik. Numawi, urang LPIK mah horéam kanu kararitu. Atawa tara ngaharu biru jeung ngaganggu batur saperti Kurawa. Nu dijadikeun bahan ti Kurawa ku LPIK mah buta jaladara, sumanget daharna wungkul, nu matak aya sebutan khusus keur jalma di LPIK mah nyaéta ririwa atawa piranha.
Di sagédéngeun éta, nu liana LPIK ogé diwuwuh tina sumanget Pandawa. Sabagéan anggautana katelah “serem”, barangasan, duméh rambutna jarabrig jeung kawaina idéntik hideung cakeutreuk. Tapi haténa mah ahéng, lembut kacida, buktina ngetrek wanoja gé kurang bisaeun jeung euweuh kawarani. Jalma-jalmana malang-mulintang siga nu teu boga jeujeuhan. Tara daék dipapagahan, atawa “kumaha aing” téa. Komodeui jalma-jalmana rajeun gogorowokan teu puguh, pating jarerit siga nu pegat urat. Antukna jalma-jalma lian téh jadi sarieuneun. Ari simkuring mah nebakna, yén hal nu kitu téh expresi jeung tempat pikeun ngabangbalérkeun wirangrongna haté. Aya sawatara hal di tiru ku LPIK ti Pandawa. Diantarana, sumanget nyiar, ngaguar, ngadadar jeung nyuprih élmu pangaweruh. Teu élodan kana kakuasaan. Malah mandar, nalika cicing di luar, budak LPIK dijungjung lungguh, jadi gegeden keur nu lian, rada punjul palebah kaélmuan. Budak LPIK bakal jadi sakti mandraguna munseug nanjeurkeun jeung ngahontal papagon, malar darajat ningkat, nyaéta
Maca
Nulis
Diskusi
Kapetona jadi Sékrétaris
Kuring geus ngarasa genah betah lumampah di marcapada. Kumalayang lir langlayangan nu mesat hiber nyieun dodoja ka méga. Ngabalukarkeun tagiwur awang-awang, padahal hambalanana geus liket ku rupa duduluran nu rékép. Saacana mah hambalan tara ngejat. Teu méré liang ka saha baé nu nyulusup asup, atawa lolongkrang pikeun muka-nutup.
Dampal suku napak lacak ka jalan nu ébréh, nampeu hareupeun beungeut. Nikreuh dina gawir lungkawi nu sadia dina bagjana hirup, sok ditelah nalangsa téa. Saseukeut-seukeutna panon keur nalisik, teu salancab maung nu rék ningker uncal. Samancung-mancungna irung, beurit di juru hateup mah teu kaangseu. Sahéngkér-héngkérna leungeun, teu bisa antel jeung jurig. Panan kitu manusa mah. Pangyuga Gusti nu pangonjoyna, tapi teu ngaguluyur kasampurnaan.
Tapi tetep, lelembutan mah sok rajeun bungah mangsa diluuhan ku kahadé, sanajan apal yén hirup téh jadi ruhai nu beureum ngempur, siga seneu ngagedur nu ngaléntab-léntab.
Mana horéng kagenah jeung kabetah éta urug, mudar sabab simkuring kapeto jadi sékrétaris. Teuing kumaha caritana bet kapilih kitu. Harita, taun kamari, éstu taun nu kagunturan kabingung. Sadérék Sabiq Gidafian, atawa nu sok dilanian Mahmud atawa Djamal Hamadi disupata jadi pamingpin. Simkuring, dikutuk jadi wawakilna, nu ceuk bahasa légégna mah sékrétaris.
Teu kudu disawalakeun ari goréngna gawéan kuring mah. Kuring kawilang jalma nu teu rintih dina organisasi, kaitung pasoléngkrah dina ngasistemkeun, teu runut, acak adut jeung pabayatak. Tara daék nurut-tumut kana ugeran nu sadia. Tapi da kumaha deui, mangsa kapeto, kuring kawengku ku jugrugna aturan. Simkuring moal nyebut wiwaha, atawa wirang henteuna mangsa tugas teu katedunan. Nu pasti, dina nanggeuy supata éta, satékah polah Ujang Sabiq jeung kuring nandangan rupa-rupa pameredih.
Cag!
*Anggitan pikeun léngsérna inohong ririwa angkatan 2009. LPIK téh nyaéta organisasi intra atanapi UKM (Unit Kegiatan Kampus) UIN SGD Bandung.
Posted by 00.46 and have
0
komentar
, Published at
Tidak ada komentar:
Posting Komentar