NGAREUMBEUY DUA ÉPISTÉMOLOGI

NGAREUMBEUY DUA ÉPISTÉMOLOGI

Bukti nyata nu geus ngébréh hareupeun urang, wiréhing loba perkara nu geus kamonopoli, kaasup élmu. Élmu pangaweruh nu ngjirim ti juru dunya belah kulon geus sumebar, malah mandar saeutikna kaasaan ku urang nu mungguh dumukna belah wétan (pami dipetakeun mah). Ciri élmu nu mahabu jaman kiwari nyaéta logika positivistik (al-Wadh’iyyah al-Manthiqiyyah). Ari positivik téh élmu nu kudu kaatur, dumasar kana hukum anu geus kaukur, jeung émpiris (kareungeu ku ceuli, kajeueung ku panon, jst). Sahingga leuwih jauh, pangéran ngan di jadikeun seselapan caritaan wungkul. Maranéhannana nyararita yén pangéran téh "the clock maker" wungkul. Pangéran nu ngayuga alam dunya, tapi satuluyna mah mantenna lulubaran, teu ngaraksa-ngariksa, beuh dieuna ngaping manusa.


Épistémologi nu dipake ku maranéhannana, nyaéta épistémologi nu leupas tina nilai. Pamustrungannana, keuna ka urang nu ngadahar bangku sakola di paguron luhur. Karasa nalika mahasiswa diajar, cara nu dipakéna ti kulon pisan. Leuwih jauh, (malah mandar) leuwih ekstrem, dina wilayah épitémologi, urang kulon ngahaja nyeumpal "term" pangéran. Élmu nu samodél kitu ngawates manéh dina urusan émpiris. Salian ti émpiris, basis épitémologina gé nyaéta akal. Gunana pikeun nguji hasil nyaho téa. Numawi hal-hal nu bau kagaiban mah teu ditarima.

Ana kitu di Islam nyawang hiji bentuk épitémologi nu mertahankeun jati diri Islamna nu sajati, disagédéngeun éta, bisa ngawangun wangunan kaélmuan tohaga nu sapagodos jeung nilai-nilai ilahiyyat. Sabab, galura modernisasi nu di kawasa ku positivistik geus karasa épékna. Diantarana urang kulon geus ngarasa prustasi nyinghareupan hirupna. Sagala réngkak paripolah geus euweuh cecekelan ka Nu Maha Agung. Maranéhannana mopohokeun ka purwadaksi. Lain dina urusan élmu pangaweruh waé, dina urusan gumelar hirup di alam dunya gé maranéhannana leupas ti Gusti Yang Manon. Ngandalkeun loba beuweungeun rambay aleun, sagala kabutuh geus kacumponan ku kamajuan teknologi, atawa lubak-libuk ku harta jiga jelema borjuis moal ngajamin hirup genah, betah jeung tumaninah. Maranéhannana bakal hareudang bayeungyang alatan produk (positivistik) nu dijieun ku leungeun-leungeun maranéhannana.

Padahal Allah SWT parantos ngadawuh dina Al-Quran, malah mandar ieu ayat anu munggaran lungsur ka Muhammad. Anu unggelna:
اقرا باسم ربك اللذي خلق
Prak baca ku anjeun (Muhammad) kalayan asmana Pangeran anjeun nu geus ngayuga.

Dina ayat eta ngawujud sumanget pikeun nyiar élmu pangaweruh. Naha? Jalaran kalimah “Iqra” didinya dihartikeun maca sacara umum. Sabab lamun maké kaidah mah nyaéta:
حذف المعمول يفيد العموم
"Dileungitkeunnana objek, nuduhkeun kaumumannana.”

Kalimah “Prak maca” nuduhkeun yén Muhammad téh kudu calakan ngaropéa hal nu aya, diantarana maca kaayaan. Paréntah éta saolah ngawagel perkara nu sabalikna, nyaéta teu miroséa jeung kurang peka kanu réalitas sosial.
Peryogi kauninga ogé, wiréhing khitab anu ditujukeun ka Muhammad téh, keuna ka urang.

Nalika ngawangun kaélmuan éta, kudu dibarengan jeung ruh-ruh ilahiyyat. Numawi kalimah saterasna nyaeta:
باسم ربك اللذي خلق
“Kalayan asmana Pangéran anjeun nu geus ngayuga.”

Tah, hal ieu pisan nu ngabédakeun antara épitémologi Islam jeung épitémologi urang kulon. Dina tahapan éta ummat Islam jadi teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan, umat Islam nu nyekel deleg kanu ruh-ruh ilahiyyat bari teu leupas ngaropéa élmu nu séjén. Dina tahapan ieu ogé umat Islam moal ditingker ku paham "konservatif-skriptualis" wungkul. Pangéran nu ngayuga dicandak dina raraga nyinglarkeun paham positivistik nu sékulér.

Dina urusan naon baé manusa bakal leungit wiwaha nalika pangéran di piceun jauh. Béh dieuna, gegedén teu boga ajén, pajabat teu boga harkat, jeung pamingpin teu boga kaisin. Jalaran kitu umat Islam kudu reugreug jeung reueus sabab Allah SWT geus munjulkeun ka sing saha baé anu daék deukeut jeung Manten-Na. Mangka sawadina umat Islam kudu bingah amarwatasuta, kagunturan madu kaurugan menyan putih. Manakomo nalika umat Islam hampang birit nalika nyiar élmuna mah. Geus teu bireuk, Allah SWT katut utusan-Na meredih manusa pikeun nyiar, ngajar jeung nyumebarkeun élmu éta.

Dina ngawangun élmu pangweruh hasil “Iqra” téa, lumangsung dina amanah ilmiah anu ketat. Sabagian pamikir muslim nguningakeun, yén pikeun ngawangun susunan kaélmuan nu sampurna kudu diwangun hiji épistéme nu teu tojaiah jeung nilai-nilai ilahiyyat. Élmu-élmu jaman kiwari (kontemporer) kudu di Islamisasi (Islamiyyat al-‘Ulum al-Mu’ashirah). Numawi aya istilah “Islamisasi élmu” nu di tandeskeun ku Syed Muhammad Naquib Al-Attas.

Leuwih maju saeutik aya istilah “Integratif”. Nyaéta pola ngreumbeuy dua épitéme nu teu atruk. Jalaran merhatoskeun di kulon épistéme nu dipakéna nyaéta bentuk nu "sékulér", sedengkeun dina Islam, salian ti émpirisme jeung akal, épistémologina nyoko ogé kanu wahyu jeung ilham (intuisi). Perkara ieu anu diushakeun –diantawisna– ku Fazlur Rahman. Anjeunna nyambung-reumbeuykeun dua épitémologi nu teu atruk. Nu hiji, nu luuhna ti Islam, nu séjénna datang ti kulon. Cara ngreumbeuy dua épistémologi ieu disebut “Integratif.”

Tapi rék kumaha baé carana, asalkeun aya ruh-ruh ilahiyyat marengan dina réngkak paripolah urang. Wangkid harita manusa moal katambias.

Tutus langkung képanghalang.
Wallah a’lam bi as-shawwab


share this article to: Facebook Twitter Google+ Linkedin Technorati Digg
Posted by Unknown, Published at 12.06 and have 0 komentar

Tidak ada komentar:

Posting Komentar