Tincak léngkah nu mubyar belah kulon
nyaracas, nyambuang nyutat atsar
nurugtug ka léngkob nu heubeul aleum
geuneuk semu poék caméwék
Tincak léngkah mawa ubar tatu
naratas kagimir ku rupa hawa peurih
rimbil salira ku tatamba rupa
méré lolongkrang malar sirna
Tincak léngkah mancat,
sugri ku sinar
nandangan katangen manah
suwung ku tunggara
2012
Posted by , Published at 12.35 and have
            
0
komentar
Tidak ada komentar:
Posting Komentar