konsemérisme jeung simulasi

konsemérisme jeung simulasi


janari moal ngambah hambalan awang-awang deui
srangéngé éra némbongkeun mubyarna
geus inggis ku ibun
jadi mana cahya nu bener téh, da kiwari mah geus poék mongkléng?

baheula rumasa butuh
ayeuna mah geus buni ku mangpirang ajén
soré mancatkeun manéh malar nyasabkeun
kasirep ku duit, pakakas éléktronik jeung téhnologi
ngajungkel sangkan katanggar

lain kabutuh, tapi ajén!
palsu, lain asli!



share this article to: Facebook Twitter Google+ Linkedin Technorati Digg
Posted by Unknown, Published at 12.29 and have 0 komentar

Tidak ada komentar:

Posting Komentar