Abah Yaksa #part III

Abah Yaksa #part III


Buta nu némbongkeun beungeutna hareupeun Abah Yaksa teu kendat-kendat méré kasieun. Ratug tunggulan eusi harigu nu dirandapan Abah Yaksa ngawujud jadi bengkéngna awak. Rupa nu pias cicirén kasieun nu tandang kana eusi dada jeung pikir manéhna. Teu disangka, Buta nu ngajungkiring, awak bayuhyuh, jeung rupa héjo semu hérang carulang palebah beuteung geus témbong. Ari sugan, buta téh ngan wungkul dina carita, manahoréng aya, malahan ngajungkiring, kadeuleu hareupeun manéhna. Dadak sakala kabingung jeung karisi eunteup dina pikir manéhna, ponpilagi haté nu ngébréhkeun rasa kagimir. Kabayang, pasangrok jeung buta anu kacida gedéna, saha nu teu sieun? Matak muriding bulu puduk. Inggis batan maut hinis, rémpan batan mesat gobang. Karémpan nu karandapan ku Abah Yaksa linyok, tuluy-tuluyan nonjok.


Saenggeusna buta nyarupa, ngébréhkeun beungeut hareupeun Abah Yaksa, tuluy baé mapatkeun sagala rupa gerentes, kahayangna, bari ngomong semu hohoak:
“Kula datang ka tempat ieu hayang manggihan hidep. Kula nuggu wanci ieu salila 100 taun lilana. Néang jalma nu pantes pikeun nitis sarupaning kasaktén.”

Bari ngomong, panon buta éta neuteup kana panon Abah Yaksa. Panon anu sekeut, lir hinis anu nurih sarupaning kéjo. Abah Yaksa teu daya teu upaya. Teu bisa unggah atawa nyingkah ti tempat. Tapi sanajan buta éta apal yén Abah Yaksa téh guligah jeung bingung alatan didatangan ku manéhna, buta éta tuluy ngomong.
“Yeuh Surup, umur hidep masih ngora, tapi lakob hidep Abah Yaksa. Éta téh cicirén yén kawijaksanaan nu aya dina diri hidep, nu nyieun manusa di sabudeureun hidep ngahormat. Hidep geus dipikasérab. Tapi kula datang, hayang ngabuktikeun caritaan jalma-jalma. Kula teu samanéa datang, tapi aya nu dimaksud. Lain palid ku cikiih, lain datang ku cileuncang. Mangka hidep tong sieun jeung hariwang, kula moal nyilakakeun hidep. Kumaha tanggapan hideup ka kula Surip?”

Kakara, mangsa ngadéngé ucapan kitu Abah Yaksa ngarasa tengtrem. Guligahna kasinglarkeun ku ucapan buta éta. Tétéla gening buta téh lain rék nyisikudi. Mana horéng datang kalawan kahadéan nu di bawa ku éta buta. Geus apal kitu, Abah Yaksa ngawalon, bari semu arapap-areupeup.
“Samudaya hapunten jul-jol tina diri abdi pribadi. Manawi téh salira bakal nyilakakeun jisimabdi. Pami terang kitu mah, abdi moal goréng sangka ka salira sateuacanna. Kasaktén naon anu ku salira di papatkeun tadi téh? Sareng tadi salira nyebatkeun wiréh abdi téh jalma nu kapilih, sahingga salira ngantosan dugi 100 taunna pikeun tepang jeung abdi. Sakaterang abdi mah, abdi téh jalmi alit. Waragad teu seueur, waruga cungkring kacida. Pami teu diwagel mah, abdi hoyong terang. Naon tah anu nyababkeun abdi diantos kitu?”

Buta éta ngagakgak, seuri, nimbulkeun eundeur sakuliah cai tempat cicingna éta buta. Bari seuri, buta éta ngajawab.
“Yeuh Surup, kula kungsi pagunem catur jeung hiji tukang tapa. Tukang tapa ieu jolna ti nagara India. Ceuk manéhna, jalma wijaksana geus hésé dipanggihan. Manéhna tuluy ménta pitulung kula pikeun manggihan jalma nu wijaksana. Geus saratus taun lilana kula nunggu wanci ayeuna. Geus tong loba carita. Tarima ieu pakarang.”

Dialungkeun pakarang éta. Pakarang éta téh mangrupa gagandén. Biasa sok dipaké pikeun nakol kai. Luhurna di bungkus ku beusi campur waja nu gedé. Wangunannana pasagi. Mangsa Abah Yaksa narima pakarang éta, ujug-ujug buta tadi ngaleungit. Teuleum ka sagara cai nu ngagolak. Pakarang anu ahéng kacida. Pakarang nu nungguan nu bogana salila saratus taun ayeuna mah geus dicekel ku Abah Yaksa.

Abah Yaksa hémeng heula alatan leungitna éta buta. Can nganuhunkeun, ujug-ujug ngajorélat euweuh. Saenggeusna kitu, Abah Yaksa tuluy mawa gagandén éta. Mangsa diteteup-diilikan. Dina gagangna diukir ku mangrupa basa. Teuing basa naon. Manéhna teu ngarti mangsa ngailikanana. Basa nu dipaké pikeun ngukir gagang gagandén éta lain basa
Sansakerta, tapi basa lian anu teu diwawuh ku manéhna.

Tétéla, basa nu dipaké pikeun ngukir gagang pakarang éta téh nyaéta basa Yunani. Basa nu teu dipikanyaho ku Abah Yaksa. Tulisanna Gnothi Seaton.

Ari gnothi seaton téh aslina mah ukiran nu aya di hiji kuil. Kuil ieu pisan nu didatangan ku Sokratés. Kuil di Dhelpy anu dicicingan ku hiji tukang tapa baheula, nu kungsi panggih jeung Sokratés. Ari sokratés téh jalma nu katelah wijaksana di jamanna. Dumukna di nagara Yunani. Tulisan anu aya di kuil éta téh nyurup kana diri Sokratés, sahingga nepi ka dijadikeun pola hirupna. Anu hartina, “wanoh kana diri.” Kalimat manéhna nu kasohor, nu nyirikeun manéhna wijaksana téh nyaéta “nu saapal kuring, kuring mah teu nyaho naon-naon.”

Tapi anu anéh, naha ukiran gagandén éta sarupa pisan jeung tulisan nu aya di kuil Delphy? Nu leuwih ngabingungkeun mah, naon kaitannana Sokratés nu hirup di Yunani jeung Abah Yaksa nu hirup di wewengkon Sunda? Malah nu leuwih parah, nu ngagayot kanu pikir, naha tulisan gnothi seaton beut aya dina gagang gagandén éta? Nah!



share this article to: Facebook Twitter Google+ Linkedin Technorati Digg
Posted by Unknown, Published at 12.24 and have 0 komentar

Tidak ada komentar:

Posting Komentar